12/10/2016
Sanajan aya lagu liwung, sanajan aya lagu gandrung, aya galindeng sekar hégar, kabeh museur jadi lagu angkatan.*
*Sanajan béda mangsa dina milampah mimitran, nu pasti aya geter nu sarua.*
*Urang sarasa, urang sa cita cita, dina hiji paguyuban.*
*Cag...*
Assalamu'alaikum Wr, Wb..
Salam Damas,
Minangka dina ngeuyeuban léngkah paguyuban Damas, nu cacap Sawidak, miharep ngageblégna antawis urang tiasa ngaluuhan *Wengian Sawidak Damas* anu insya Allah baris dilaksanakeun dina :
Dinten/ping : Jumaah, 14 Oktober 2016
Waktos : Tbh. 18.30 d.k 22.00 WIK.
Tempat : PENDOPO Wali Kota Bandung, Jl. Dalam Kaum.
Kasumpingan Akang miwah Ceuceu, teu kinten diajeng ajengna dina waktos nu panceg.
Kana sagala perhatosanna, tianggalna ngahaturkeun timpah séwu nuhun.
Bandung, 6 Oktober 2016
Panitia Sawidak
*DAYA MAHASISWA SUNDA.*
_Cat :_
_*Raksukan : Batik_
_*Parkir mobil di Basement Alun Alun._
_*Parkir motor di Pendopo